This page has been validated.
- Ana cengkat patih bari narik pedang
Langkung nafsuna patih
Tatapi susumbar
Eh sia Jaka Mursada
Ayeuna mah sia mati
Raden iatna
Walon ngomong sia patih - Coba hempek awak aing kere pedang
Lamun teurak téh ka aing
Enya matih pedang
Meureun dibikeun bulayah
Lamun henteu terka aing
Ku pedang sia
Geus tangtu sia dipenucit
Luncat kawas kutu anjing
Patih ngarontokan
Ngenca ngatuhu teu beunang
Ana bongoh ditampiling
Kukurilingan
Katura lengan teu eling